Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 5

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 152 8. - KVK-KVK : han-tem 9. Kecap asal jeung morfém dasar téh aya sasaruaanana jeung aya bédana. Kecap asal jeung morfém bébas aya saruana lantaran kecap asal téh diwangun ku hiji morfém bébas. Ari bédana, kecap asal mangrupa kecap anu siap dipaké dina kalimah, sedengkeun morfém bébas mangrupa bahan pikeun ngawangun kecap. 10. Watek kecap asal basa Sunda téh aya lima rupa nyaéta ékaengang, dwiengang, triengang, caturengang, jeung pancaengang. 11. Kecap asal frasksi polana KKVK-KV, ari kecap gubrag polana KV-KKVK. 12. Kecap asal jeung kecap salancar sarua pada-pada kecap anu jadi dasar pikeun ngawangun kecap rékaan atawa kecap jembar. Bédana, kecap asal disawang tina fungsina minangkan dasar pikeu ngawangun kecap rékaan, ari kecap salancar mah disawang tina jumlah unsur morfém anu jadi pangwangunna.

F. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 6

1. Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan jeung rarangkén séjénna dina waktu ngawangun kecap rundayan. Ciri utama kecap nu kakeunaan ku rarangkén hareup lamun salasahiji rarangkénna dipisahkeun, éta kecap taya hartian. Contona: padataran. Ari rarangkén gabung nyaéta Rarangkén gabung nyaéta gabungan dua rarangkén atawa leuwih anu diwuwuhkeun kana kecap henteu babarengan, ngan ukur ngagabung wungkul. Contona: diawurkeun. 2. Bedana kecap-kecap ieu di handap: a. seuseuheun ngandung harti ‗pakéan anu rék diseuseuh‘, ari seuseuhan ngandung harti ‗pakéan anu geus diseuseuh‘. b. asupan ngandung harti ‗nitah asup ka jero rohangan‘, ari asupkeun ngandung harti ‗nitah ngasupkeun barang ka rohangan‘. c. dipangnyieunkeun ngandung harti ‗kalakuan nu dipilampah ku batur bénéfaktif‘, ari dipangkaburkeun ngandung harti ‗kakeunaan pagawéan nu dipilampah ku batur advérsatif‘. d. dipikanyaah ngandung harti ‗kalakuan pasif‘, ari mikanyaah ngandung harti ‗kalakuan aktif‘. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 153 3. Rucatan kecap: pangdiaralungboyongkeunana diaralungboyongkeun aralung boyongkeun aralung boyong pang —na di- -keun -ar- alung boyong 4. a. Kecap rundayan dina éta téks nyaéta: maké, dibawa, ubaraneun, sakali, ngajampé, leuleusna, isukan, ngusahakeun, jeung ngabéjaan. b. Rarangkén nu aya dina éta kecap nyaéta: N-, di-, -an, -eun, sa-, -al-, -na, N — keun, N —an. 5. Rarangkén: 1 N- dina kecap maca fungsina ngawangun kecap pagawéan nu hartina ‗ngalakukeun‖; 2 di- dina kecap dibawa fungsina ngawangun kecap pagawéan nu hartina ‗kalakuan pasif‘; 3 -an dina ubaran fungsina ngawangun kecap barang nu hartina ‗hasil‘; 4 -eun dina kecap ubaraneun fungsina ngawangun kecap barang nu hartina ‗pibakaleun‘; 5 sa- dina kecap sakali fungsina ngawangun kecap bilangan anu hartina ‗hiji‘; 6 al- dina kecap laleuleus fungsina ngawangun kecap sipat anu hartina ‗aya dina kaayaan‘; 7 na dina kecap laleuleusna fungsina ngawangun kecap barang anu hartina ‗hal nu tangtu‘; 8 N —keun dina kecap ngusahakeun fungsina ngawangun kecap pagawéan nu hartina ‗ngalakukeun pagawéan‘; jeung