Wawacan Dumasar kana Sumber Tulisan 1 Wawacan Saduran

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 121 c Wawacan saduran tina sastra Barat Wawacan Pangeran Hamlet, Wawacan Prabu Odyseus, Wawacan lalampahan Sudagar Mulapar. d Wawacan saduran tina genre séjén dina sastra Sunda Carita wayang: Ekalaya Palastra, Serat Rama, Angling Darma, Damar Wulan, jeung Mahabarata. e Carita pantun: Wawacan Mundinglaya, Nyai Sumur Bandung, Wawacan Lutung kasarung, Ciung Wanara, Wawacan Sulanjana, jeung Sri Dangdayang Tresna Pohaci. f Wawacan tina sajarah lokal babad jeung biografi tokoh Babad Cirebon, Babad Dipati Imbanagara, Sajarah Cikundul, Babad Panjalu, Wawacan Babad Sukapura, Kidung Sunda, Babad Banten Girang, jeung Regen Boncel Bupati Caringin. g Wawacan anu eusi téksna lain saduran Rusiah nu Kasép, Enden Sari Banon, Rusiah nu Geulis, Lenggang Kancana, Dipati Imbanagara, Abdulkomar, Agus Gembang, Bispupraja, Dongéng-dongéng Jaman Baheula, Dongéng-dongéng Tuladan, Enden Siti, Enden Sari Banon, Enden Yuyu, Jaka Bagja, Jaka Sundang, Wawacan nu Kaleungitan Carogé, Regen Boncél Bupati Caringin, jeung Wawacan Juag Tati. 2 Wawacan Dumasar kana Bahan Nulisna a Lontar: Babad Ratu Galuh jeung Babad Galuh b Kertas saéh daluang: Surat Catatan Pribadi, Tauhid jeung Silsilah, Carita Nabi Yusuf, Kitab Safinatul Nadja, Tasawuf, Carita Suluk Ratu Rama, Primbon-Mujarobat, jeung Cariosan Prabu Siliwangi. c Kertas Éropah: Babad Godog, Sejarah Sumedang, Sejarah Cirebon, Talaga Manggung, Danumaya, Ciung Wanara. d Kertas pabrik Indonésia: Sejarah Wali, Babad Gebang, Rara Mendut, Babad Galuh, Babad Mataram. 3 Wawacan Dumasar kana Basa anu Dipakéna a Wawacan dina basa Sunda: Sejarah Kian Santang, Sejarah Cikundul, Jaka Paringga, Talaga Manggung, Sejarah Sumedang. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 122 b Wawacan dina basa Jawa: Babad Pasir, Sejarah Cirebon basa Jawa Cirebon, Babad Ratu Galuh, Ciung Wanara, Wahosan Cihung Wanara. c Wawacan nu ditulis leuwih ti hiji basa: 1 Surat-Catatan Pribadi basa Arab jeung Jawa; 2 Sejarah Cirebon basa Indonesia jeung Jawa; 3 Sejarah Sumedang basa Sunda jeung Jawa; 4 Babad Talaga dan Lalakon ka Tanah Suci basa Sunda jeung Jawa; 5 Hikayat Kangjeng Nabi Muhammad SAW basa Sunda jeung basa Arab. 4 Wawacan Dumasar kana Aksara anu Dipakéna Aksara-aksara nu dipaké pikeun nulis wawacan nya éta aksara Cacarakan Jawa, aksara Pégon, aksara Latin, jeung wawacan nu ditulis maké loba aksara. a Aksara Cacarakan: Surat-Catatan Pribadi, Sejarah Cirebon, Babad Galuh, Babad Pakuan, Babad Banyumas. b Aksara Pégon: Sejarah Cikundul, Babad Gebang, Talaga Manggung, Sejarah Sumedang, Panji Wulung. c Aksara Latén: Natakusumah, Surat Pengukuhan Makam, Babad Talaga, Lalakon ka Tanah Suci, Abunawas, Samaun, Paras Adam. d Loba Aksara: Uga Bandung Rupa-rupa Peringatan, Surat Catatan Pribadi, Rengganis, Kitab Bayan, Suluk Adam. 5 Wawacan Dumasar kana Eusi Téks a Agama: Suluk, Suluk Daka, Wawacan Majapahit, Wawacan Pangajaran Agama Islam, Paras Adam, Wawacan Suluk Ki Ganda jeung Ki Sari b Kamasarakatan: Wawacan Adat Ngurus Orok, Wawacan Adat Urang Pasundan, Wawacan Ilmu Sajati, Wawacan Putri Nista, Wawacan Sultan Mahmud, Pustaka Jati, Kitab Naséhat, Piwulang Batara Sunu, jeung Bidayatussalik. c MitologiLégénda: Lalakon Budug Basu, Wawacan Sulanjana. d Atikan: Ieu Wawacan Papatah Paratana ka Carogé, Wawacan Piwulang Istri, Wawacan Perlampah anu Kurenan. e Pangaweruh: Wawacan Élmuning Tani, Wawacan Bab Nyangkok Ngadeder. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 123 f Sastra: Amongsari jeung Lembusari, Carios Bermana Sakti, Wawacan Jaka Priangan, Lalakon Samaun, Wawacan Syeh Baginda Mardan, Lalakon bin Entam, Layang Gandaresmi, jrrd. g Sastra Sajarah jeung Sajarah: Babad Tanah Pasundan, Babad Sumedang, Babad Banten, Babad Cerbon Babad Cirebon, Babad Pajajaran, Babad Sunda, Babad Galuh, Wawacan Banten Girang, Wawacan Lampahing Para Nabi, jrrd. 6 Wawacan Dumasar kana Karakter Palakuna a Wawacan nu Tokohna Jalma-Jalma Sakti: Wawacan Rengganis, Wawacan Jayalalana, Wawacan Umar Maya, jrrd. b Wawacan nu Tokohna Jalma Biasa: Wawacan Panji Wulung, Wawacan nu Kaleungitan Carogé, Wawacan Carios Munada, Regen Boncel Bupati Caringin.

2. Sasmita Pupuh dina Wawacan

Tina sempalan wawacan di luhur, umumna watek-watek pupuh téh masih kénéh katémbong dina wawacan. Salian ti watek pupuh, dina wawacan ogé aya anu disebut sasmita pupuh. Sasmita pupuh nyaéta kalimah atawa kekecapan pikeun pananda pupuh sapandeurieunana Sudaryat Spk., 2007. Contona dina sempalan Wawacan Panji Wulung di luhur. Tengétan pada panungtung dina pupuh Sinom: Ngomong sajroning pikiran, dalah ieu manggih deui kabeneran bagja awak. aing bakal nyorén keris, nu boga budak leutik, sarta hiji lawan tilu, ti dinya tuluy nanya, hé Agus anu ti mendi, Radén nyaur kapungkur ti Sokadana Dina padalisan panungtung pada di luhur, aya kecap kapungkur, éta téh mangrupa sasmita pupuh, yén pada anu sapandeurieunana mah pupuh na geus ganti ka pupuh Pangkur. Conto séjénna aya dina pupuh panungtung sempalan Wawacan Angling Darma. Tah rasakeun pamayar nu diwiwirang Manéh jadi waliwis 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 124 leungit sipat jelema tangtu manéh hanjakal geus boga alpukah julig bet sabalikna ngambang atina putri Dina padalisan panungtungna aya kecap ngambang . Éta téh mangrupa sasmita pupuh anu jadi tanda, yén pupuh sapandeurieunana geus lain Durma deui, tapi pupuh Maskumambang. Ieu di handap sasmita pupuh anu mindeng kapanggih dina wawacan. Tabel 9. 1 Sasmita Pupuh dina Wawacan