Kecap Memet Kecap Sirnaan

8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 112 ksatria  satria 2 Sirnamadya Sirnamadya sinkope, nyaéta kecap wancahan anu ngaleungitkeun foném atawa engang tengah tina hiji kecap. Contona: niyata  nyata banderol  banrol émbér  émér sendal  senal officier  opsir 3 Sirnawekas Sirnawekas apokope nyaéta kecap wancahan anu ngaleungitkan foném atawa engang tungtung tina hiji kecap. Contona: benzine  béngsin experiment  ékspérimén présidént  présiden

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna. 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 113

E. Latihan

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Tétélakeun ciri-ciri kecap kantétan Contoan 3. Tétélakeun sasaruaan jeung bédana ieu kecap kantétan: panonpoé x taleus ateul kacapiring x kuda kacang 4. Tétélakeun fungsi jeung harti kecap kantétan ieu di handap: a taleus ateul, dahar isuk, solat peuting; b maén bal, ngadupanggal; c pinter kodék, seukeut deuleu; d dalapan urang, lima héktar; e salahsahiji, salahsaurang, salahsawios 2. Tétélakeun naon bédana di antara kecap wancahan: kecap tingkesan, kecap tangkesan, kecap singgetan, kecap memet, jeung kecap sirnaan Contoan 5. Kumaha pamadegan Sadérék ngeunaan kecap memet? Dina buku Kandaga Tatabasa karangan R. Momon Wirakusumah H.I.B Djajawiguna diasupkeun hiji wangun kecap misah tina kecap wancahan?

F. Tingkesan

Kecap kantétan nyaéta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung harti anu mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun komposisi. Kecap kantétan mibanda ciri katanseselan, katanjembaran, jeung katanbalikan. Aya dua rupa kecap kantétan, nyaéta 1 kecap kantétan rakitan dalit anu unsur-unsurna teu bisa dipisahkeun saperti panon poé; 2 kecap kantétan rakitan anggang anu unsur-unsurna bisa dipisahkeun saperti taleus ateul. Kecap kantétan mibanda fungsi jeung harti. Fungsi kecap kantétan nyoko kana ngawangun kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat, kecap