Fungsi Adjektival Wangun Kecap Rajékan

7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 94 d. Fungsi Numeral Fungsi numeral nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap bilangan boh tina warna kecap biangan boh tina warna kecap séjén. Contona: likur Cakal  manglikur-likur pirang Cakal  mangpirang-pirang dua KBil  sadua-dua é. Fungsi Advérbial Fungsi advérbial nyaéta fungsi ngarajék pikeun ngawangun kecap panambah katerangan boh tina warna kecap panambah boh tina warna kecap séjén. Contona: Kitu KGt  sakitu-kituna leres KS  leres-leres lima KBil  salima-lima

5. Harti Ngarajék

Harti ngarajék nyaéta harti anu muncul balukar ayana prosés ngarajék tina wangun asal kana wangun rajékan. Ieu di handap rupa-rupa harti ngarajék. a Harti ‗kaayaan hiji hal‘: ati-ati, asa-asa, acak-acakan, awur-awuran, babarengan b Harti ‗rupa-rupa‘ divérsitas: beubeutian, bongborosan, kekembangan, tulang-taléng c Harti ‗kalakuan teu enya-enya‘ diminutif: anjang-anjangan, kekedengan, pipilueun d Harti ‗séwang-séwangan‘ distributif: hiji-hiji, saeutik-saeutik, sabogana-sabogana e Harti ‗padahal‘ eksesif: saloba-loba, saalus-alus, sagedé-gedé f Harti ‗sering‘ frékwéntatif: ampun-ampunan, gogodeg, blag-blig-blug g Harti ‗ngantebkeun‘ intésitas: leres-leres, nyenyekel, nginget-nginget h Harti ‗niru-niru‘ imitatif: babalongan, momobilan, peupeureuman i Harti ‗naon-naon nu di-‗ indeterminatif pasif: babawaan, dédéngéan j Harti ‗sababaraha kali teu tangtu‘: lulumpatan, rumpad-rampid k Harti ‗hayang leuwih‘: paalus-alus, paheula-heula, pagedé-gedé 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 95 l Harti ‗tuluy-tuluyan‘ kontinuitas: babarengan, ador-adoran,ider-ideran m Harti ‗ngan saukur limitatif‘: hiji-hijina, sakitu-kituna n Harti ‗réa‘ plural: baju-baju, buku-buku, bangku-bangku o Harti ‗réa teu tangtu‘ plural-indeterminatf: naon-naon, lubak-libuk p Harti ‗réa tur sering‘ plural frékwéntatif: cut-cat, dur-dor, sung-song q Harti ‗ampir pisan‘ perfektif-futuratif: sader-dereun, sajung- jungeunsapok-pokeun r Harti ‗bagian‘ partitif: bobodas, beubeureum, hihideung s Harti ‗pabales-bales‘ resiprokatif: pabéja-béja, pagulung-gulung t Harti ‗hasil‘ resultatif: kekecapan, omong-omongan u Harti ‗paling‘ superlatif: gegedéna, lolobana, panggedé-gedéna v Harti ‗ngadadak‘: nyaho-nyaho, témbong-témbong w Harti ‗lalawanan‘: budak-budak resep ngaroko x Harti ‗salila‘: sajajalan, sapopoé, sapeupeuting y Harti ‗dianggap jadi‘: pupuhu, kokolot, dadasar z Harti ‗tuluy-tuluyan teu dihaja‘: kababawa, kapopohokeun