LatihanPancén Modul BS E revisi yayat 3 mei l 2016 edit Budi

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 42

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar IV. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina Kagiatan Diajar III, pangpangna bahan nu can dicangkem. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 43 KAGIATAN DIAJAR 4 NGOLAH BAHAN AJAR BASA JEUNG SASTRA SUNDA

A. Tujuan

Bahan ajar basa Sunda téh nyoko kana kaweruh basa jeung kaparigelan basa. Kaweruh basa ngawengku kaweruh kaédah basa tatasora, tata wangun kecap, tata kalimah, wacana, ari kaparigelan basa ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar IV, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun, nyaéta 1. Tujuan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 2. Prinsip-prinsip nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 3. Landasan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; sarta 4. Padika nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta nyusun raragabahan ajar basa Sunda saluyu jeung tahap kamampuh murid. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi opat, nyaéta: 1. ngajéntrékeun tujuan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 2. ngajéntrékeun prinsip-prinsip nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; 3. ngajéntrékeun landasan nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda; sarta 4. ngajéntrékeun padika nyusun bahan ajar basa jeung sastra Sunda.

C. Pedaran Matéri 1. Tujuan Nyusun Bahan Ajar

Sanggeus ditangtukeun tur dipilih, bahan ajar téh kudu disusun kalawan ngéntép seureuh sisitimatis. Aya sababaraha alesan disusunna bahan