Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 Pangajaran basa diadumaniskeun terintegrasi kana pangajaran makéna basa, kamahéran basa, atawa kaparigelan basa. Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan diadumaniskeun kana aspék nulis jeung maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga kecap diadumaniskeun kana sakumna aspék kamahéran basa.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui atawa deres deui matéri dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu can dicangkem. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 20 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 21 KAGIATAN DIAJAR 2 AMBAHAN BAHAN AJAR SASTRA SUNDA

A. Tujuan

Sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Karya sastra Sunda ngawujud dina wangun lancaran prosa, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Dina karya sastra kakandung rupa-rupa ajén kahirupan manusa nu bisa dijadikeun eunteung ku nu macana. Pikeun nepikeun ajén kahirupan dina karya sastra perlu ditepikeun ka anak incu ku cara diajarkeun. Jadi, karya sastra ditpikeun minangka bahan ajar. Dumasar kana éta katerangan, saréngséna ngulik Kagiatan Diajar II, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun: 1. ngajéntrékeun wangenan sastra Sunda; 2. ngajéntrékeun élmuning sastra; 3. ngabédakeun wangun karya sastra; 4. ngajéntrékeun pangajaran sastra; jeung 5. ngajéntrékeun ambahan bahan ajar sastra Sunda.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontal kompeténsi dina ieu Kagiatan Diajar, nyaéta nuduhkeun bahan ajar sastra Sunda saluyu jeung tujuan pangajaran. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi lima: 1. bisa ngajéntrékeun wangenan sastra Sunda; 2. bisa ngajéntrékeun élmuning sastra; 3. bisa ngabédakeun wangun karya sastra; 4. bisa ngajéntrékeun pangajaran sastra; jeung 5. bisa ngajéntrékeun ambahan bahan ajar sastra Sunda. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 22

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan Sastra

Ari kecap sastra téh asalna tina basa Sangsekerta, castra nu hartina buku pangajaran; élmu pangaweruh; naskah; buku-buku suci. Kiwari éta harti téh jadi ngaheureutan nya éta karya seni nu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan. Karya sastra téh mangrupa bagian tina salah sahiji cabang tina kabudayaan nyaéta kasenian. Ilaharna kasenian, karya sastra ogé mibanda unsur kaéndahan éstétis. Éta kaéndahan téh bisa nimbulkeun rasa kagagas, kataji, resep, ni‘mat, sarta rasa lianna anu patali jeung kasugemaan jiwa nu macana. Lian ti bisa nyugemakéun sastra ogé gedé pisan ajénna atawa guna jeung mangpaatna. Sastra téh enas-enasna mah bisa mangaruhan sarta bisa nimbulkeun kamungkinan-kamungkinan wawasan anu jembar tur anyar anu didadasaran ku ajén kamanusaan. Ku kituna, Rusyana 1982:3 nétélakeun yén sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Karya sastra téh mangrupa ébréhan ngeunaan masalah-masalah hirup jeung huripna manusa. Hakékat jeung gambaran kahirupan manusa, tina rupa- rupa pangalaman, parasaan, idé manusa bisa kaébréhkeun dina sastra. Hal ieu luyu jeung pamadegan Sumarjo Saini KM. 1994:3, anu nétélakeun yén ―sastra adalah ungkapan pribadi manusia yang berupa pangalaman, pemikiran, ide semangat keyakinan dalam suatu bentuk gambaran kongkrit yang membangkitkan perasaan dengan alat bahasa. ‖ Dina karya sastra ogé digambarkeun kasusah manusia, perjuangan, silih asih, pagétréngna pacéngkadan jeung papada manusa atawa naon-naon hal anu nyangkaruk, anu kaalaman, anu kapanggih dina kahirupan masarakat sapopoé réalitas objéktif. Réalitas objéktif téh bisa mangrupa kajadian-kajadian, norma-norma atawa ajén-inajén, sawangan hirup anu aya di masarakat. Cindekna, karya sastra téh mangrupa ébréhan éksprési nu patali jeung masalah-masalah hirup jeung huripna manusa.