Latihan Modul BS E revisi yayat 3 mei l 2016 edit Budi

6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 82

F. Tingkesan

Kecap rundayan nyaéta kecap rékaan atawa kecap jembar anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén kana wangun dasarna. Disawang tina tempat cicingna, aya rupa-rupa rarangkén, nyaéta rarangkén hareup préfiks, rarangkén tengah infiks, rarangkén tukang sufiks, rarangkén barung konfiks, jeung rarangkén gabung ambifiks. Rarangkén dina basa Sunda kaitung réa, aya 14 rarangkén hareup, 3 rarangkén tengah, 7 rarangkén tukang, 11 rarangkén barung, jeung 14 rarangkén gabung. Dina prosés ngawangun kecap rundayan, rarangkén téh mibanda fungsi jeung harti. Upamana waé, rarangkén hareup ba- mibanda fungsi ngawangun kecap pagawéan nu hartina ‗ngalakukeun pagawéan‘.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar VII. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina Kagiatan Diajar VI, pangpangna bahan nu can dicangkem. 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 83 KAGIATAN DIAJAR 7 KECAP RAJÉKAN

A. Tujuan

Salasahiji wangun kecap anu gedé gunana dina ngawangun kalimah sarta mangaruhan harti kalimah nyaéta kecap rajékanan. Kecap rajékann nyoko kana kecap anu diwangun ku cara nguapkeun dua kali atawa leuwih wangun dasarna, boh sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu. Basa Sunda kaasup basa anu beunghar ku rajékan. Malah teu saeutik rajékan anu binarung jeung rarangkén. Ku kituna, basa Sunda digolongkeun kana tipe basa aglutinatif. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar VII, Sadérék dipiharep meunang kamampuh pikeun mikaweruh jeung nyangkem opat hal, nyaéta: 1. wangenan kecap rajékan; 2. wangun kecap rajékan; 3. fungsi ngarajék; 4. ma‘na ngarajék; jeung 5. nganalisis fungsi jeung harti ngarajék.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta ngaidentifikasi kecap rajékan basa Sunda. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi lima, nyaéta: 1. ngajéntrékeun wangenan kecap rajékan; 2. ngajéntrékeun wangun kecap rajékan; 3. ngajéntrékeun fungsi ngarajék; 4. ngajéntrékeun ma‘na ngarajék; jeung 5. nganalisis fungsi jeung harti ngarajék.