Kecap Rundayan Dirarangkénan Tukang

6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 76 6 Rarangkén Tukang –man-wan-wati Rarangkén tukang –man-wan-wati mibanda fungsi pikeun ngawangun kecap barang anu hartina ‗ahlitukang‘. Contona: budiman, wartawan, sastrawati.

d. Kecap Rundayan Dirarangkénan Barung

Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan jeung rarangkén séjénna dina waktu ngawangun kecap rundayan. Ku kituna, rarangkén barung sok disebut barungan konfiks. Saenyana, konfiks mangrupa singgetan tinakonfigurasi afiks, nyaéta rarangkén anu cicingna misah tapi barung dina ngawangun kecap. Prosés ngawangun kecap rundayan ku rarangkén barung disebut ngararngkénan barung konfiksasi. Ciri utama kecap nu kakeunaan ku rarangkén hareup lamun salasahiji rarangkénna dipisahkeun, éta kecap taya hartian. 1 Rarangkén Barung ka —an: kadaharan, kabupatén, kaalaman, kakolotan 2 Rarangkén Barung kapi-: kapibapa, kapiadi, kapilanceuk. 3 Rarangkén Barung pa —an: pasawahan, pabéasan, paculcilan, pamohalan. 4 Rarangkén Barung pang —keun: pangmawakeun, pangmeulikeun, 5 Rarangkén Barung pang —na: pangbageurna, pangpinterna, panggeulisna. 6 Rarangkén Barung pi —an: pilemburan, pileumpangan, pigeulangan, piwurungan. 7 Rarangkén Barung ting —ar-: tinggaluher, tingraringkel, tingkarerut. 8 Rarangkén Barung pika-: pikabogoh, pikameumeut, pikangéwa. 9 Rarangkén Barung pika —eun: pikagilaeun, pikangéwaeun, pikalucueun. 10 Rarangkén Barung sa —an: sabréhan, sakedapan, sajongjongan, saliwatan. 6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 77 11 Rarangkén Barung sa —eun: sahandapeun, sahoseun, sakalieun, sakieueun. 12 Rarangkén Barung sa —na: saalusna, sapinterna, saenyana, saéstuna. e. Kecap Rundayan Dirarangkénan Gabung Rarangkén gabung nyaéta gabungan dua rarangkén atawa leuwih anu diwuwuhkeun kana kecap henteu babarengan, ngan ukur ngagabung wungkul. Rarangkén gabung bisa ogé disebut rarangkén bareng ambifiks Sudaryat, 2013. Contona, kecap diawurkeun diwangun ku gabungan rarangkén di- jeung rarangkén –keun, anu prosésna mimitina kecap awur + rarangkén tukang –keun, jadi kecap awurkeun, tuluy dirarangkénan hareup di- jadi kecap diawurkeun. Jadi, kecap diawurkeun ngalaman dua kali prosés ngararangkénan, henteu binarung, nepi ka disebut ngararangkénan gabung. di- 1 Rarangkén Gabung N- + -ar- ting- Ieu kecap pagawéan téh disusun ku rarangkén gabung, nya éta awalan di-, N-, atawa ting- jeung seselan –ar- tina wangun dasar anu kagolong kana cakal jeung kecap pagawan. Awalan di-, N-, jeung ting- bisa siligenti dipakéna. Najan kitu, awalan ting- dipakéna henteu sabébas awalan di- atawa N-. Geura titénan contona ieu di handap. a dibaraca, maraca, tingbaraca b dikarecewis, ngarecewis, tingkarecewis Tina conto di luhur ébréh yén di antara rarangkén hareup di-, N-, jeung ting- bisa siligenti tur ngagabung jeung rarangkén tengah –ar-. Najan kitu, aya kecap nu bisa dirarangkénan di- jeung N-, tapi teu bisa ku ting-. Kitu deui, aya kecap anu bisa dirarangkénan N- jeung ting-, tapi teu bisa dirarangkénan di-. Kecap rundayan tingbaraca jeung dikarecewis teu bisa ditarima tina jihat katatabasaan.