Drama Wangun Karya Sastra
2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
26
Tujuan pangalaman sastra bisa dihontal ku kagiatan aprésiasi jeung éksprési sastra. Éta dua kagiatan téh silih deudeul. Ku ngaliwatan éta kagiatan téh
dipiharep murid bakal meunang pangalaman sastra. Satuluyna, murid dipiharep meunang citarasa ajén-inajén anu hadé jeung sikep kréatif.
Aprésiasi sastra mangrupa kagiatan ngawanohkeun pangalaman hirup anu jero anu dikandung ku sastra, sarta aya hasrat katut méré jawaban. Dina
pangajaran apresiasi sastra, murid dibere kasempatan pikeun mekarkeun apresiasina sorangan. Murid dikondisikeun kana lingkungan anu keuna,
upamana, disadiakeun bahan sastra sangkan murid resep maca, didorong pikeun mikawanoh hasil sastra, ngadyakeun kontak ku jalan maca, tuluy
ngararasakeun karya sastra.
Ékspresi sastra mangrupa kagiatan kreatif dina nyastra saperti ngadongeng, cacarita, ngarang, deklamasi, maca éndah, jeung merankeun atawa
ngaragakeun téks drama. Dina pangajaran éksprési sastra, murid dibéré kasempatan jeung dorongan pikeun ngedalkeun dirina maké basa. Murid
kudu bisa nyusun cita jeung pangalamanana dina wangun anu keuna. Murid kudu bisa nyarita jeung ngarang anu hadé.
Tujuan pangaweruh sastra ngawengku pangaweruh ngeunaan sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Tujuan pangaweruh sastra raket
patalina jeung tujuan pangalaman sastra. Miang tina pangalaman murid kana sastra, tuluy dibéré pangaweruh, nepi ka murid meunang wawasan
ngeunaan pangalamanana. Upamana waé, pangaweruh ngeunaan wangun sastra, warna sastra, jeung adegan sastra.
Dumasar kana katerangan di luhur, écés yén pangajaran sastra nyoko kana aprésiasi sastra, éksprési sastra, jeung pangaweruh sastra. Ceuk Wirajaya
2005:2-5, prosés pangajaran sastra kudu nyoko kana tilu ujung tumbak trisula, nyaéta a aprésiasi, 2 rékréasi, jeung 3 re-kreasi. Apresiasi
mangrupa ngararasakeun karya sastra, rékréasi meunang hiburan tina karya sastra, jeung ré-kréasi mangrupa nyusun karya sastra.