Wangenan Sastra Pedaran Matéri

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 23 Basa dina karya sastra dipaké alat pikeun ngahontal ajén-inajén éstétika kaéndahan. Carana tangtu bisa rupa-rupa. Bisa ngagunakeun purwakanti, gaya basa, pakeman basa, dicokot harti injeumanana ,jeung sajabana. Basa dina karya sastra henteu kudu basa ―kabujanggan‖ baé. Anu disebut basa kabujanggan téh kekecapan, ungkara kalimah atawa rakitan basa nu dianggap pinunjul, anu tadina biasa dipaké ku para bujangga dina karangan. Basa nu ku urang dipaké dina paguneman sapopoé ogé bisa dipaké dina karya sastra. Anu penting lebah ngolahna éta basa luyu jeung eusi nu hayang ditepikeun dina karya sastra. Dina karya sastra alat jeung ―eusi‖ téh gumulung enggoning ngawujudkeun ajén-inajén éstétis karya sastra. Upama basana wungkul nu éndah, bisa jadi éta karya sastra ngan ngeunah kadéngéna atawa dibacana wungkul, tapi euweuh pupurieunana. Sabalikna, upama eusina alus tapi henteu digelarkeun ngagunakeun basa nu alus, bisa jadi éta karya téh ―garing‖ atawa ‖gejed‖. Gedé kamungkinan eusina anu hadé téh moal nepi ka nu maca atawa ngadéngékeun. Ari eusi karya sastra ngurung sajumlahing masalah kahirupan manusa. Bisa mangrupa masalah cinta, rumah tangga, rumaja, kajiwaan, pulitik, jsb.

2. Wangun Karya Sastra

Nilik kana wangunna, karya sastra téh bisa dibagi jadi tilu golongan nyaéta puisi, prosa, jeung drama. Ieu di handap baris dipedar hiji-hijina.

a. Puisi Wangun Ugeran

Puisi biasa disebut ogé karangan wangun ugeran. Disebut wangun ugeran lantaran kauger ku wangunna jeung diksina kayaning pilihan kecap, gabungan kecap, ungkara kalimah jeung sajabana; tur biasana rakitanana leubeut ku wirahma; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoé atawa cara wangun prosa karangan wangun lancaran. Dina puisi buhun umumna ugeran téh leuwih nyoko kana wangunna. Upama baé, aya patokan-patokan anu disebut guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina sapadana jeung purwakanti. Diksi utamana dipaké pikeun nyumponan éta patokan. Ari dina puisi modérn saperti sajak, 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 24 ugeran téh leuwih nyoko kana diksi jeung wirahmana. Taya patokan nu disebut guru lagu, guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana. Anu paling tétéla ngabédakeun puisi jeung prosa téh nyaéta wirahmana. Sabab upama nilik kana rupana, henteu saeutik puisi utamana sajak, anu cara nulisna teu béda ti prosa. Hartina henteu dipenggel-penggel jadi sababaraha padalisan atawa jadi sababaraha pada. Bédana jeung prosa, puisi mah pinuh ku wirahma. Ari nu disebut wirahma nya éta lalawanan sora luhur handap, tarik laun, panjang pondok kalawan mindeng tur teratur. Dina milih-milih ungkara basa jeung ngudag wirahma, mindeng kapanggih ungkara basa anu teu ilahar, boh kekecapanana boh adegan basana. Timbul wé istilah licencia poética nu ngawenangkeun panyajak pikeun ngarémpak aturan basa nu ilahar. Puisi Sunda réa rupana tur bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Dumasar kana waktu gumelarna, aya puisi buhun jeung puisi modéren. Puisi buhun bisa dipasing-pasing deui dumasar kana eusina, aya nu ngawujud lalakon nya éta carita pantun jeung wawacan, aya anu henteu ngawujud lalakon kayaning mantra, sisindiran, kakawihan, pupujian jeung guguritan. Ari puisi modéren nya éta sajak bebas, anu kiwari cukup disebut sajak baé.

b. Prosa Wangun Lancaran

Prosa fiksi mangrupa carita rékaan dina wangun lancaran. Disebut wangun lancaran ku sabab wangunna teu kauger ku guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina sapadana, purwakanti atawa ngolah wirahma, saperti dina pupuh. Basa anu dipakéna basa sapopoé. Upama nilik kana wujudna, kalimah téh ngaruntuy, henteu dipenggel-penggel mangrupa padalisan atawa diwangun ku sababaraha pada. Unggal prosa fiksi ngabogaan sababaraha unsur intrinsik, di antarana, nyaéta 1 téma, 2 palaku, 3 galur, 4 latar, 5 puseur sawangan, jeung 6 amanat.