Hakékat Bahan Ajar

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 11 harus dipelajari siswa dalam rangka mencapai standar kompetensi yang telah ditentukan. Bahan ajar ogé jadi sumber pangajaran learning resource, nyaéta informasi anu dipidangkeun jeung disimpen dina rupining média, anu bisa mantuan murid dina diajar minangka wujud tina kurikulum. Ari sumber pangajaran nyaéta sagala rupa anu bisa dipaké pikeun diajar atawa sagala rupa nu bisa dimangpaatkeun ku guru pikeun kapentingan prosés diajar ngajar kalawan boga tujuan pikeun ngundakkeun éféktivitas jeung éfisiénsi tujuan pangajaran.

2. Gunana jeung Kualitas Bahan Ajar

Bahan ajar gedé gunana dina prosés pangajaran. Ari gunana atawa fungsi bahan ajar, di antarana waé: 1 Tuturus pikeun guru dina ngalelempeng aktivitasna atawa paripolahna dina prosés pangajaran jeung substansi kompeténsi eusi kamampuh anu diajarkeun ka murid; 2 Tuturus pikeun murid dina ngalelempeng paripolahna dina prosés pangajaran jeung substansi kompeténsi anu diulikna; jeung 3 Alat évaluasi dina ngahontal atawa ngawasa hasil diajar. Bahan ajar aya anu masih bacacar aya nu geus disusun dina wangun buku ajar. Bahan ajar anu masih kénéh bacacar saperti dina majalah, koran, atawa buku karya sastra kudu disusun heula ku guru nepi ka ngawujud bahan anu ngéntép seureuh. Ari bahan ajar nu geus disusun dina wangun buku ajar mah, tangtu tinggal maké. Bahan ajar anu geus disusun jadi buku ajar kudu nyumponan sawatara kritéria, di antarana waé: 1 Némbongkeun tangtungan; 2 Nyadiakeun sumber nu ngéntép seureuh tur undak dina kamekaran kamampuh murid; 3 Midangkeun jejer pedaran anu beunghar tur serasi; 4 Nyadiakeunanéka métodeujeung sarana pangajaran; 5 Midangkeun bahan awal pikeun tugas jeung latihan; sarta 6 Midangkeun sumber bahan évaluasi jeung rémédial. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 12 Bahan ajar anu alus kudu mibanda standar jeung kualitas nu tangtu. Ciri bahan ajar anu alus kualitasna, di antarana waé: 1 Mibanda puseur sawangan; 2 mibanda konsép nu écés; 3 mibanda kasaluyuan rélevansijeung kurikulum; 4 pikatajieun atawa mikat minat; 5 numuwuhkeun motivasi; 6 ngahudang stimulasi aktivitas; 7 Ilustratif; 8 komunikatif atawa babari dipikaharti; 9 ngadeudeul mata pelajaran séjén; 10 ngajénan bébédaan individu; jeung 11 ngamangpaatkeun ajén-inajén kahirupan Geene jeung Petty, 1971:545-548.

3. Ambahan Bahan Ajar Basa Sunda

Bahan ajar basa Sunda téh raket patalina jeung matéri lulugu pokok. Ari matéri poko mangrupa poko bahasan jeung subpoko bahasan tina kompeténsi dasar KD anu kudu dipimilik ku murid. Éta sababna, matéri pokok basa Sunda patali jeung bahan ajar, nyaéta bahan ulikan basa Sunda anu sakurang-kurangna kudu diulik ku murid pikeun ngawasa kompétensi dasar. Matéri poko basa raket patalina jeung kaweruh basa. Kaweruh basa nyoko kana konsép basa, nyaéta hal-hal anu patali jeung unsur basa katut kaédah basa. Diajarkeunana matéri poko kudu dipatalikeun kana kagiatan pangajaran makéna basa, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Eusi kamahéran basa nyoko kana téma kahirupan sosial budaya Sunda. Konsép basa anu bisa dijadikeun matéri poko téh gurat badagna ngawengku lima widang, nyaéta: a. Adegan sora basa: lafal, éjahan, engang; b. Adegan kecap: wangun kecap, warna kecap; c. Adegan kalimah: wangun kalimah, warna kalimah, fungsi kalimah, wanda kalimah; d. Kandaga kecap: warna harti, parobahan harti, tatali harti léksikal, kecap serepan, istilah, pakeman basa, gaya basa, tatakrama basa; e. Wacana: fiksi prosanarasi, puisi, drama; nonfiksi déskripsi, éksposisi, arguméntasi, pérsuasi; wacana nétral terjemahan, aksara Sunda.