Landasan Paélmuan Landasan Nyusun Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 50 kaparigelan ngaregepkeun jeung maca kaasup kana kaparigean basa réséptif. Pangajaran basa jeung sastra Sunda miang tina tangtungan yén basa Sunda jadi pakakas komunikasi pikeun warga masarakatna. Komunikasi basa diwujudkeun ngaliwatan kagiatan maké basa lisan ngaregepkeun--nyarita jeung kagiatan maké basa tulis maca-- nulis. Ku kituna, pangajaran basa Sunda ditujulkeun pikeun ningkatkeun kaparigelan maké basa jeung pangalaman sastra sastra Sunda, kamampuh mikir jeung nalar, sarta kamampuh ngajembaran wawasan ngeunaan budaya Sunda, tur diarahkeun pikeun nyeukeutan rasa murid. Jaba ti éta, dipiharep murid lain ngan ukur parigel maké basa Sunda, pinter nalar, tapi sangkan peka jeung papada jalma, tur ngajénan kasang tukang kahirupan anu béda. Murid henteu ngan nyangkem informasi anu nembrak tur sinurat, tapi anu nyamuni. Murid henteu cukup ku ngarti, tapi bari jeung surti deuih Sudaryat, 2008. Sangkan murid mampu ngayakeun komunikasi, pangajaran basa Sunda ditujulkeun kanakagiatan pikeun mekelan murid parigel maké basa Sunda, boh maké basa lisan boh maké basa tulis. Murid dilatih leuwih réa maké basa ti batan kaweruh basa. Ari pangajaran sastra Sunda ditujulkeun sangkan murid meunang pangalaman aprésiasi jeung éksprési sastra, lain kaweruh sastra. Dina karya sastra kakandung pangalaman manusa, anu ngawengku pangalaman indrawi, rasa, hayal, jeung renungan, anu gumulung terpadu dina pangajaran basa, nu sacara gumulung diwujudkeun dina ngagunakeun basa, boh lisan boh tinulis. Ngaliwatan karya sastra murid diajak pikeun nyangkem, ngararasakeun, jeung neuleuman karya sastra. Ari kaweruh ngeunaan sastra dipaké pikeun ngadeudeul kagiatan aprésiasi karya sastra. Ku kituna, fungsi utama sastra ngalemesan budi, ningkatkeun kaseukeut, rasa kamanusiaan, jeung ngamasarakat, numuwuhkeun aprésiasi budaya, sarta 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 51 ngamalirkeun gagasan jeung imajinasi kalawan rancagé kréatif bisa kahontal tur kasalurkeun. Makéna basa Sunda anu nyata dipangaruhan ku rupa-rupa kontéks, di antarana waé, saha panyatur jeung pamiarsa, dina situasi kumaha, di mana tempatna, iraha waktuna, maké média naon, jeung naon eusi omonganana. Pikeun éta kaperluan, dina pangajaran basa bisa digunakeun rupa-rupa pamarekan kayaning pamarekan komunikatif, pamarekan kontékstual, pamarekan humanistik, jeung pamarekan saintifik, anu binarung ku rupa-rupa média jeung sumber diajar. Murid téh kudu jadi pamilon aktif dina diajar. Patalina jeung pangajaran basa jeung sastra Sunda, murid kudu dibéré luang saréa-réana jeung sajembar-jembarna pikeun meunang pangalaman maké basa jeung sastra Sunda, boh ngaliwatan kagiatan réséptif ngaregepkeun jeung maca boh kagiatan produktif nyarita jeung nulis. Palebah dieu, perlu jadi bahan tinimbangan nyelapkeun makéna aspék-aspék basa saperti foném, kecap, kalimah, jeung alinéa.

b. Landasan Pédagogik

Milih bahan jeung nangtukeun leganan katut runtuyan bahan ajar kudu dumasar kana tinimbangan kamekaran diri murid. Ieu hal téh perlu dipilampah lantaran kamekaran murid dina tiap jenjang atikan béda-béda. Atuh dina nepikeun bahan ajar ogé kudu dipilih métodeu jeung téhnik anu cocog kana bahan ajar katut kaayaan murid. Piaget1997 ngagambarkeun kamekaran kognitif murid SD, SMP, jeung SMA téh kieu. Kamekaran kognitif budak SD 6-12 tahun aya dina tahap concrete operation.Ambahan mikiran kawatesanan kana ngungkulan masalah anu nyata. Budak SD can bisa ngungkulan masalah vérbal anu kompléks tur pikahareupeun.Kelas awal museur kana ningkatkeun kasadaran fonologis, ari kelas ahir museur kana kamampuhmikir hipotésis anu sederhana bisa dimimiti dimekarkeun. 4 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 52 Ku kituna, bahan ajar kudu ngandung masalah konkrit. Ilustrasi, ukuran aksara, jsté. kuduécés. Kamekaran kognitif budak SMP-SMA 12-15 jeung 15-17 taun kagolong kana mangsa adolence dina tahap formal operation.Budak SMP-SMA mimiti mekarkeun kamampuh ngungkulan masalah ngaliwatan operasi logis. Kamampuh budak dina ngaorganisasikeun data, nyusun alesan ilmiah, jeung ngarumuskeun hipotésis. Budak geus bisa mikir dina ambahan nu leuwih jauh ti batan kanyataan nembrak konkrit. Budak geus bisa mikir ngeunaan patalina hayalan nu abstrak jeung nyusun wawaran vérbal katut dalil-dalil. Patali jeung kamekaran kacerdasan murid, Gardner 1983 ngajéntrékeun anéka intelegénsi multiple intelligences anu ngawengku tujuh kacerdasan, nyaéta: a. Linguistik kamampuh basa nu fungsional; b. Logis-matematis kamampuh nalar; c. Musikal kamampuh nangkep jeung kedaling nada katut wirahma; d. Spasial kamampuh ngawangun imaji méntal ngeunaan réalitas tata rohang; e. Kinésik ragawi kamampuh pikeun ngahasilkeun gerakan motorik; f. Intrapribadi kamampuh mikawanoh diri pribadi jeung mekarkeun rasa jati diri; g. Antarpribadi kamampuh nyangkem ayana jalma lian.

c. Landasan Keterbacaan

Bahan ajar kudu mibanda tahap keterbacaan readness. Bahan bacaan anu babari dicangkem ku murid mibanda tahap keterbacaan nu luhur, sabalikna bahan ajar nu hésé dicangkem ku murid mibanda tahap keterbacaan handap.