Kagiatan Diajar Modul BS E revisi yayat 3 mei l 2016 edit Budi

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 41

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Kumaha urgénsina pangajaran basa jeung sastra Sunda? 2. Kumaha patalina fungsi jeung tujuan pangajaran basa jeung sastra Sunda? 3. Kumaha padika ngajarkeun basa jeung sastra Sunda di daérah Jawa Barat anu murid-muridna aya di lingkungan nu teu maké basa Sunda? 4. Sarat naon waé nu kudu dicumponan ku bahan ajar basa jeung sastra Sunda? 5. Kumaha carana milih bahan ajar basa jeung sastra Sunda? Aspék- aspék naon waé nu kudu aya dina wengkuan bahan ajar?

F. Tingkesan

Bahan ajar dina hiji mata pelajaran atawa widang studi ditangtukeun dumasar kana kurikulum. Dina kurikulum diruntuykeun rupa-rupa bahan ajar nu kudu diajarkeun ku guru ka murid. Ku lantaran réa bahan ajar nu kudu diajarkeun, guru kudu parigel dina milih jeung milah bahan ajar. Bahan ajar digunakeun ku guru jeung murid dina prosés pangajaran. Ari pangajaran basa jeung sastra Sunda téh mibanda urgénsi, kalungguhan, jeung fungsi nu tangtu. Leungitna pangajaran basa jeung sastra Sunda bakal jadi mamala lantaran bakal leungit salasahiji warisan sosial-budaya Sunda nu pohara pentingna. Bahan ajar kudu ditangtukeun dumasar kana hésé babarina, kasaluyuan jeung kamekaran umur murid, lega heureutna bahan, heula pandeurina bahan, jeung cara nepikeunana. Sanggeus ditangtukeun, bahan ajar kudu dipilih dumasar kana 1 tujuan, 2 ajén-inajén pikeun kahirupan, 3 ajén- inajén warisan karhun, 4 salasahiji paélmuan, sarta 5 luyu jeung kabutuh katut minat murid. 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 42

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar IV. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina Kagiatan Diajar III, pangpangna bahan nu can dicangkem.