Latihan Tingkesan Modul BS E revisi yayat 3 mei l 2016 edit Budi

8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 114 bilangan, jeung kecap pancén. Ari harti kecap kantétan nyoko kana tatali antarunsurna saperti ‗alat‘, ‗tempat‘, ‗asal‘, jsté. Kecap wancahan nyaéta kecap anu diwangun ku cara mondok-keun kecap atawa kantétan kecap. Prosés ngawangun kecap wancahan disebutna ngawancah abréviasi. Aya sababaraha rupa kecap wancahan, nyaéta 1 kecap tingkesan, 2 kecap singgetan, 3 kecap tangkesan, 4 kecap memet, jeung 5 kecap sirnaan. Limaanana dibédakeun tina cara jeung prosés ngawangunna. Malah dina buku Tatabasa Sunda heubeul, kecap memet téh dipisahkeun tina kecap wancahan minangka hiji wangun kecap.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar IX Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina Kagiatan Diajar VIII, pangpangna bahan nu can dicangkem. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 115 KAGIATAN DIAJAR 9 WANGUN JEUNG EUSI WAWACAN

A. Tujuan

Dina enas-enasna wawacan mangrupa karya sastra buhun minangka pangaruh tina sastra Jawa. Wawacan disusun dina rupa-rupa wangun pupuh dumasar kana aturan pupuh jeung struktur carita nu tangtu. Ku kituna, sanggeus réngsé ngulik Kagiatan Diajar IX, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun ngajéntrékeun wangenan wawacan, judul wawacan jeung pangarangna, ngajéntrékeun wangun jeung eusi wawacan, sarta sasmita pupuh dina wawacan. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar IX, Sadérék dipiharep meunang kamampuh pikeun nerangkeun 1. wangenan wawacan; 2. kamekaran wawacan; 3. fungsi wawacan; 4. wangun jeung eusi wawacan; jeung 5. sasmita pupuh dina wawacan.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta ngaidéntifikasi wawacan dina sastra Sunda. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi lima, nyaéta: 1. ngajéntrékeun wangenan wawacan; 2. ngajéntrékeun kamekaran wawacan; 3. ngajéntrékeun fungsi wawacan; 4. ngajéntrékeun wangun jeung eusi wawacan; jeung 5. ngajéntrékeun sasmita pupuh dina wawacan.