Kagiatan Diajar Latihan Tingkesan

5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 70 asal triengang, kecap asap caturengang, jeung kecap asal pancaengang. Adegan kecap asal ilaharna disawang tina adegan engangna. Aya 12 pola engang dina kecap, 6 pola engang sampakan jeung 6 pola engang serepan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkemmatéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana kagiatan diajar 6. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres bahan dina kagiatan diajar 5, pangpangna bahan nu can dicangkem. 6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 71 KAGIATAN DIAJAR 6 KECAP RUNDAYAN

A. Tujuan

Salasahiji wangun kecap anu gedé gunana dina ngawangun kalimah sarta mangaruhan harti kalimah nyaéta kecap rundayan. Kecap rundayan nyoko kana kecap anu diwangun ku ngawuwuhkeun rarangkén kana wangun dasarna. Basa Sunda kaasup basa anu beunghar ku rarankén. Ku kituna, basa Sunda digolongkeun kana tipeu basa aglutinatif. Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar VI, Sadérék dipiharep mibanda kamampuh pikeun mikaweruh jeung nyangkem opat hal, nyaéta: 1. wangenan kecap rundayan; 2. rupa-rupa rarangkén minangka pangwangun kecap rundayan; 3. fungsi jeung ma‘na rarangkén dina prosés ngawangun kecap; jeung 4. nganalisis rarangkén tina wacana.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi dina ieu kagiatan diajar, nyaéta ngaidentifikasi rarangkén basa Sunda. Éta indikator téh bisa diwincik deui jadi opat, nyaéta: 1. ngajéntrékeun wangenan kecap rundayan; 2. ngajéntrékeun rupa-rupa rarangkén minangka pangwangun kecap rundayan; 3. ngajéntrékeun fungsi jeung ma‘na rarangkén dina prosés ngawangun kecap; 4. nganalisis rarangkén tina wacana.

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan Kecap Rundayan

Kecap rundayan nyaéta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén afiks kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap