PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
151
tuluy beuki undak sarta ngamuara kana bahan nu nyamuni, jauh, tur hésé.
3. Keterbacaan matéri raket patalina jeung hésé babarina bahan ajar pikeun dibaca jeung dicangkem ku murid. Ari keterbacaan basa raket patalina
jeung hésé babarina murid dina nyangkem basa nu digunakeun dina bacaan. Ungkara basa gampang dicangkem, tur eusina gampang
dipikaharti. Bahan anu babari tingkat keterbacaanana bakal luhur, ari bahan anu hésé tingkat keterbacaanana bakal handap.
4. Prinsip gumulung dina bahan ajar basa jeung sastra nyoko kana bahan anu 1 kudu ngukuhan gunggungan bahan; 2 meredih murid pikeun
migawé jeung ngulik bahan kalawan malapah gedang; jeung 3 sacara fungsional, antarbagian bahan ajar kudu pakait kalawan dalit tur harmonis
nepi ka kawangun bahan ajar nu miharti kalawan optimal. Prinsip gumulung integratifngadumaniskeun rupining bahan a kaweruh basa
adegan basa, kandaga kecap, b kaparigelan basa maca, nulis, nyarita, ngaregepkeun, c kaparigelan sastra kaweruh, aprésiasi, jeung
éksprési.
5. Kamampuh kognitif murid SMPSMA kagolong kana mangsa adolence dina tahap formal operation lantaran mekarkeun kamampuh murid
ngungkulan masalah ngaliwatan operasi logis. Dina umur SMPSMA, murid geus bisa mikir dina ambahan nu leuwih jauh ti batan kanyataan
nembrak konkrit sarta patalina antara hayalan nu abstrak jeungnyusun wawaran vérbal katut dalil-dalil.
E. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 5
1. Kecap asal nyaéta kecap-kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas atawa kecap anu can diropéa. Contona: ya, yaya, ieuh, sing, éling, émut,
ceuli, nu, gering, hantem. Pola engang tina kecap asal di luhur: 2. - KV
: ya, nu 3. - KVK
: sing 4. - KV-KV
: yaya, ceu-li, ba-ri 5. - VVK
: ieuh 6. - V-KVK
: é-ling, é-mut 7. - KV-KVK
: ge-ring
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
152
8. - KVK-KVK : han-tem
9. Kecap asal jeung morfém dasar téh aya sasaruaanana jeung aya bédana. Kecap asal jeung morfém bébas aya saruana lantaran kecap asal téh
diwangun ku hiji morfém bébas. Ari bédana, kecap asal mangrupa kecap anu siap dipaké dina kalimah, sedengkeun morfém bébas mangrupa
bahan pikeun ngawangun kecap.
10. Watek kecap asal basa Sunda téh aya lima rupa nyaéta ékaengang, dwiengang, triengang, caturengang, jeung pancaengang.
11. Kecap asal frasksi polana KKVK-KV, ari kecap gubrag polana KV-KKVK. 12. Kecap asal jeung kecap salancar sarua pada-pada kecap anu jadi dasar
pikeun ngawangun kecap rékaan atawa kecap jembar. Bédana, kecap asal disawang tina fungsina minangkan dasar pikeu ngawangun kecap
rékaan, ari kecap salancar mah disawang tina jumlah unsur morfém anu jadi pangwangunna.
F. Konci Jawaban Latihan Kagiatan Diajar 6
1. Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan jeung
rarangkén séjénna dina waktu ngawangun kecap rundayan. Ciri utama kecap nu kakeunaan ku rarangkén hareup lamun salasahiji rarangkénna
dipisahkeun, éta kecap taya hartian. Contona: padataran. Ari rarangkén gabung nyaéta Rarangkén gabung nyaéta gabungan dua rarangkén
atawa leuwih anu diwuwuhkeun kana kecap henteu babarengan, ngan ukur ngagabung wungkul. Contona: diawurkeun.
2. Bedana kecap-kecap ieu di handap: a. seuseuheun
ngandung harti ‗pakéan anu rék diseuseuh‘, ari seuseuhan
ngandung harti ‗pakéan anu geus diseuseuh‘. b. asupan
ngandung harti ‗nitah asup ka jero rohangan‘, ari asupkeun ngandung harti ‗nitah ngasupkeun barang ka rohangan‘.
c. dipangnyieunkeun ngandung harti ‗kalakuan nu dipilampah ku batur
bénéfaktif‘, ari dipangkaburkeun ngandung harti ‗kakeunaan pagawéan nu dipilampah ku batur advérsatif‘.
d. dipikanyaah ngandung harti ‗kalakuan pasif‘, ari mikanyaah ngandung
harti ‗kalakuan aktif‘.