2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
24
ugeran téh leuwih nyoko kana diksi jeung wirahmana. Taya patokan nu disebut guru lagu, guru wilangan, atawa jumlah padalisan dina sapadana.
Anu paling tétéla ngabédakeun puisi jeung prosa téh nyaéta wirahmana. Sabab upama nilik kana rupana, henteu saeutik puisi utamana sajak, anu
cara nulisna teu béda ti prosa. Hartina henteu dipenggel-penggel jadi sababaraha padalisan atawa jadi sababaraha pada. Bédana jeung prosa,
puisi mah pinuh ku wirahma. Ari nu disebut wirahma nya éta lalawanan sora luhur handap, tarik laun, panjang pondok kalawan mindeng tur
teratur. Dina milih-milih ungkara basa jeung ngudag wirahma, mindeng kapanggih ungkara basa anu teu ilahar, boh kekecapanana boh adegan
basana. Timbul wé istilah licencia poética nu ngawenangkeun panyajak pikeun ngarémpak aturan basa nu ilahar.
Puisi Sunda réa rupana tur bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Dumasar kana waktu gumelarna, aya puisi buhun jeung puisi
modéren. Puisi buhun bisa dipasing-pasing deui dumasar kana eusina, aya nu ngawujud lalakon nya éta carita pantun jeung wawacan, aya anu
henteu ngawujud lalakon kayaning mantra, sisindiran, kakawihan, pupujian jeung guguritan. Ari puisi modéren nya éta sajak bebas, anu
kiwari cukup disebut sajak baé.
b. Prosa Wangun Lancaran
Prosa fiksi mangrupa carita rékaan dina wangun lancaran. Disebut wangun lancaran ku sabab wangunna teu kauger ku guru lagu, guru
wilangan, jumlah padalisan dina sapadana, purwakanti atawa ngolah wirahma, saperti dina pupuh. Basa anu dipakéna basa sapopoé. Upama
nilik kana wujudna, kalimah téh ngaruntuy, henteu dipenggel-penggel mangrupa padalisan atawa diwangun ku sababaraha pada.
Unggal prosa fiksi ngabogaan sababaraha unsur intrinsik, di antarana, nyaéta 1 téma, 2 palaku, 3 galur, 4 latar, 5 puseur sawangan,
jeung 6 amanat.
2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
25
Dumasar kana waktu gumelarna, aya prosa buhun jeung prosa modérn. Prosa buhun ngawengku dongéng jeung carita wayang. Ari prosa
modéren ngawengku carita pondok carpon jeung novel.
c. Drama
Carita drama mangrupa karangan sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun dialog, ajangkeuneun dilakonkeun ku aktor dina
pagelaran drama Isnendes, 2010:24. Karangan drama téh boga rupa- rupa ciri. Upama ditilik tina kalimah nu digunakeunana, drama gegedéna
ngagunakeun kalimah langsung, nyaéta kalimah nu dikedalkeun ku palaku. Dina drama anu palakuna leuwih ti saurang, paguneman téh
mangrupa omongan palaku nu silih tempas.
Dina drama aya tukang cacarita nu disebut juru catur narator. Tugas juru catur nerangkeun paripolah palaku, latar tempat jeung latar waktu
nya éta katerangan-katerangan nu kudu dicangkem, boh ku sutradara boh ku palaku, upama éta karangan drama rék dipagelarkeun.
Aya rupa-rupa carita drama. Dumasar kana waktuna, aya 1 drama heubeul klasik saperti longsér, uyeg, ubrug, dogér, topéng, sandiwara,
pertunjukan ra’yat ronggéng, upacara; 2 drama semi-modéren tur dihaleuangkeun saperti dramaswara, gending karesmén, purnadrama,
jemblungan; jeung 3 drama modéren nu dilakonkeun saperti galuran, drama, jeung téater Isnendes, 2010:24.
3. Pangajaran Sastra
Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan murid mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra Rusyana, 1982:6
—9. Tujuan pikeun meunang pangalaman sastra ngawengku a tujuan meunang pangalaman
dina ngaprésiasi sastra jeung b tujuan meunang pangalaman dina ngéksprésikeun sastra. Tujuan pikeun meunang pangaweruh sastra
ngawengku pangaweruh ngeunaan sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Kritik sastra ngawengku analisis, interprétasi, dan peniléyan sastra.