Bahan Ajar Sastra Sunda di SMASMKMAMAK

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 30 Bagan 2. 1 Ambahan Bahan Ajar Sastra Sunda Karya Sastra Sunda

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy bandingkeun jeung raguman bahan. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan

1. Tétélakeun pangna sastra dianggap situasi gembleng tina karya seni 2. Tétélakeun bédana karya sastra prosa jeung puisi 3. Naon sababna pangajaran sastra kudu nyoko kana trisula: aprésiasi, rekréasi, jeung ré-kréasi? 4. Kumaha ambahan bahan ajar sastra Sunda di SD, SMP, jeung SMA? 5. Tétélakeun perkara aprésiasi sastra jeung éksprési sastra dipatalikeun kana kaparigelan basa ngaregepkeun, maca, nyarita, jeung nulis Puisi Prosa Drama Mantra Pupuh Guguritan Pupujian Kakawihan Rumpaka Kawih Sisindiran Wawacan Carita pantun Sajak Carita Pangalaman Pribadi Dongéng Carita wayang Carpon Novel Paguneman Purnadrama Gending Karesmen 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 31

F. Tingkesan

Sastra téh mangrupa hasil rékacipta manusia anu ngandung unsur kaéndahan nu ditepikeun ngaliwatan médium basa. Élmu anu ngulik sastra disebut élmuning sastra. Aya tilu widang élmuning sastra, nyaéta sajarah sastra, tiori sastra, jeung kritik sastra. Karya sastra Sunda ngawujud dina wangun lancaran prosa, wangun ugeran puisi, jeung wangun guneman drama. Dina karya sastra kakandung rupa-rupa ajén kahirupan manusa nu bisa dijadikeun eunteung ku nu macana. Pikeun nepikeun ajén kahirupan dina karya sastra perlu ditepikeun ka anak incu ku cara diajarkeun. Pangajaran sastra mibanda tujuan sangkan murid mibanda pangalaman sastra jeung pangaweruh sastra. Pangalaman sastra nyoko kana pangalaman aprésiasi sastra jeung pangalaman éksprési sastra. Bahan ajar sastra anu ditepikeun ngawengku narasi, dongéng, carpon, pangalaman pribadi, mantra, pupuh, guguritan, wawacan, carita pantun, pupujian, kakawhan, rumpaka kawih, sisindiran, sajak, novel, jeung drama.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkemSadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang