Bahan Ajar Basa Sunda di SMASMKMAMAK

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 17 Tabel 1. 4 Bahan Ajar Basa Sunda di SMASMKMAMAK KELAS X XI XII Biantara Deskripsi idiom Artikel Paguneman Wawancara Terjemahan BiografiOtobiografi WartaIklan Panduan acara Aksara Sunda --- --- Tina tabél 1.3 di luhur ébréh yén bahan ajar basa Sunda di SMASMKMAMAK ti kelas X —XI jumlahna aya 10 bahan ajar, anu ngawengku biantara, paguneman, biografiotobiografi, aksara Sunda, déskripsi idiom, wawancara, wartaiklan, artikel, terjemahan, dan panduan acara. Ambahan bahan ajar basa Sunda di SDMI, SMPMTs, jeung SMASMKMAMAK bisa dibagankeun saperti ieu di handap. Bagan 1. 2 Ambahan Bahan Ajar Basa Sunda Otobiografi Déskripsi Panduan Acara Laporan Éksposisi Monolog Artikel Bahasan IklanWarta Persuasi StikerBrosur Surat Terjemahan Wacana Nétral Aksara Sunda Paguneman Dialog Wawancara Drama

d. Pancén

Pilih sasalahiji matéri tina tabél bahan ajar basa Sunda. Geus kitu, jieun bahan ajarna 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 18 D. Kagiatan Diajar Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna. E. Latihan Jawab sakur pananya atawa paréntah ieu di handap 1. Kumaha ceuk pamadegan Sadérék perkara bahan ajar? 2. Keur naon gunana bahan ajar dina prosés pangajaran basa? 3. Kumaha patalina téma jeung bahan ajar basa Sunda? 4. Sebutkeun sasaruaan jeung bédana antara paguneman jeung wawancara? 5. Tétélakeun gurat badagna bahan ajar basa Sunda?

F. Tingkesan

Bahan ajar nyaéta beungkeutan matéri anu disusun kalawan ngéntép seureuh nepi ka kawangun lingkungan atawa suasana nu ngagiring murid pikeun diajar. Bahan ajar gedé gunana pikeun guru minangka tuturus dina aktivitas ngajarna, pikeun murid minangka tuturus dina aktivitas diajar, sarta alat évaluasi dina ngahontal hasil diajar. Ambahan bahan ajar basa patali jeung matéri poko kaweruh basa. Kaweruh basa nyoko kana konsép basa, anu patali jeung unsur basa katut kaédah basa. Diajarkeunana matéri poko kudu dipatalikeun kana kagiatan makéna basa nyarita, ngaregepkeun, nulis, jeung maca. Eusi kamahéran basa nyoko kana téma kahirupan sosial budaya.