Ciri-ciri Kecap Asal Pedaran Matéri

5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 63 Wangun kecap naon baé, kaasup kecap asal, boga ciri nu tangtu. Aya sawatara ciri kecap asal, di antarana waé: a. Kecap asal diwangun ku hiji morfém bébas; b. Kecap asal sipatna basajan atawa tunggal salancar; c. Kecap asal masih kénéh tulién atawa can diréka atawa dijembaran; d. Kecap asal umumna jadi dasar pikeun ngawangun kecap jembar; jeung e. Kecap asal sipatna bébas tur bisa madeg mandiri dina kalimah.

4. Watek Kecap Asal

Kecap asal atawa kecap salancar mibanda watek nu tangtu. Dumasar kana jumlah engang anu jadi pangwangunna, dina basa Sunda kapanggih aya rupa-rupa wangun kecap asal saperti ieu di handap . a Kecap Asal Ékaengang Kecap asal ékengang mangrupa kecap salancar anu diwangun ku saengang atawa hiji engang. Contona, kecap ah, dug, jung, jig, jeung jrut masing-masing mangrupa kecap asal atawa kecap salancar. b Kecap Asal Dwiengang Kecap asal dwiengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku dua engang. Contona, kecap kuring, diuk, dina, jeung korsi, masing-masing mangrupa kecap asal nu diwangun ku dua engang saperti ébréh rucatanana ieu di handap. ku ring Engang 1 2 di uk Engang 1 2 di na Engang 1 2 kor si Engang 1 2 5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 64 c Kecap Asal Triengang Kecap asal triengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku tilu engang. Contona: awéwé, olohok, jeung teureugeus, masing-masing mangrupa kecap asal nu diwangun ku tilu engang saperti ébréh rucatanana ieu di handap. a wé wé Engang 1 2 3 o lo hok Engang 1 2 3 teu reu geus Engang 1 2 3 d Kecap Asal Caturengang Kecap asal caturengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku opat engang. Contona: barakatakjeung balakutak, kaasup kecap asal anu diwangun ku tilu engang saperti ébréh rucatanana ieu di handap. ba ra ka tak Engang 1 2 3 4 ba la ku tak Engang 1 2 3 4 e Kecap Asal Pancaengang Kecap asal pancaengang mangrupa kecap asal anu diwangun ku lima engang. Contona: bolokotondo, kaasup kecap asal pancaengan lantaran diwangun ku lima engang, saperti ébréh ieu di handap. bo lo ko ton do Engang 1 2 3 4 5 5 . Adegan Kecap Asal Adegan kecap asal mangrupa wangunan kecap asal disawang tina adegan engangna. Ari adegan engang téh nyoko kana wangun engang disawang tina susunan fonem anu jadi pangwangunna. Adegan engang