Pancén Bahan Ajar Basa Sunda dina Kurikulum

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 18 D. Kagiatan Diajar Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy bandingkeun jeung raguman bahan ajar. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna. E. Latihan Jawab sakur pananya atawa paréntah ieu di handap 1. Kumaha ceuk pamadegan Sadérék perkara bahan ajar? 2. Keur naon gunana bahan ajar dina prosés pangajaran basa? 3. Kumaha patalina téma jeung bahan ajar basa Sunda? 4. Sebutkeun sasaruaan jeung bédana antara paguneman jeung wawancara? 5. Tétélakeun gurat badagna bahan ajar basa Sunda?

F. Tingkesan

Bahan ajar nyaéta beungkeutan matéri anu disusun kalawan ngéntép seureuh nepi ka kawangun lingkungan atawa suasana nu ngagiring murid pikeun diajar. Bahan ajar gedé gunana pikeun guru minangka tuturus dina aktivitas ngajarna, pikeun murid minangka tuturus dina aktivitas diajar, sarta alat évaluasi dina ngahontal hasil diajar. Ambahan bahan ajar basa patali jeung matéri poko kaweruh basa. Kaweruh basa nyoko kana konsép basa, anu patali jeung unsur basa katut kaédah basa. Diajarkeunana matéri poko kudu dipatalikeun kana kagiatan makéna basa nyarita, ngaregepkeun, nulis, jeung maca. Eusi kamahéran basa nyoko kana téma kahirupan sosial budaya. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 Pangajaran basa diadumaniskeun terintegrasi kana pangajaran makéna basa, kamahéran basa, atawa kaparigelan basa. Lafal atawa ucapan diadumaniskeun kana aspék nyarita jeung maca bedas, éjaan diadumaniskeun kana aspék nulis jeung maca, ari adegan kecap, adegan kalimah, jeung kandaga kecap diadumaniskeun kana sakumna aspék kamahéran basa.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Nyangkem = x 100 5 Tahap nyangkem bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui atawa deres deui matéri dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu can dicangkem.